KI UDING JAWARA
PILIH TANDING
Kinanti
Aki Uding
geus kariput. Awakna teuing ku keri. Ngan kari kulit jeung tulang. Geus lain
jawara deui. Na salira ilang cahya. Jiriman dangiang diri.
Kaduhung
mungguh sagunung. Lamun malik ka bihari. Lalakon nu geus kasorang. Mangsa tuna
laip diri. Remen kasasar nya lampah. Laku cidra liwat saking.
Aki Uding
nu kacatur. Jawara kampung basisir. Lain jago samanéa. Milah babad milih
tanding. Luhung élmu pangabisa. Jajatén jago lineuwih.
Lain ukur
unggul dumuk. Alatan rurupa aji. Kabedasan kadugalan. Kanuragan kitu deui. Ki
Uding loba leuwihna. Ku perkara élmu gaib.
Napak
sancang nu kamashur. Bisa leumpang dina cai. Kitu deui Teluh Rambat. Dipaké
pikeun maténi. Asihan Bagal Pirusa. Éta mah perkara istri.
Ngan
hanjakal nya lumaku. Asa aing unggul diri. Rupa-rupa pangabisa. Dipaké
sangeunah ati. Ngalanjur napsu nu cidra. Nyumponan kahayang diri.
Laku sasar
model kitu. Nya neluh salasahiji. Ku ajian Teluh Rambat. Maténi sakulawargi.
Indung bapa jeung anakna. Sakabéh pinanggih pati.
Teu pira
alatan ngadu. Kalang hayam hiji-hiji. Ditambah tandon tumpangan. Pimodaleun
ronggéng istri. Dasar ki Uding keur sial. Éléh ngadu ilang milik.
Tuluyna ki
Uding ngamuk. Éléh ngadu henteu nampi. Ngarebut duit tumpangan. Nu ku batur
kapimilik. Pajar yén ngadu téh teu sah. Sabab nya sia ngalicik.
Ngan batur
ngaduna tukuh. Yén manéhna mah teu licik. Saréréa gé nyaksian. Ngadu ku cara
samisti. Teu pisan akal-akalan. Sirik pidik ngalilicik.
Malih
terasna misaur. Ki Uding tong abong sakti. Kéna-kéna mandraguna. Nyarita
sangeunah ati. Boga peta sakarepna. Ngalindih ka jalma leutik.
Ujaring
carita batur. Jawara nu pilih tanding. Tapi teu boga kaéra. Teu pira alatan
judi. Nepika arék mergasa. Pan kami mah jalma leutik.
Ger nu
séjén milu ribut. Mangmeunangkeun si lalaki. Pajar yén ki Uding enya. Lain
jawara sajati. Ganggu jail kaniaya. Ka jalma nu lain tanding.
Gereget
napsu na kalbu. Beureum raray ngembang wéra. Tuluy ki Uding susumbar. Isuk sia
manggih pati. Sanajan bedog kaula. Ayeuna teu nguyup getih.
Tah tina
lantaran kitu. Satutas ti tempat judi. Peutingna prak mapat mantra. Teluh
Rambat nu diaji. Maréntah bangsa siluman. Sangkan dia manggih pati.
Perbawana
éta teluh. Matak ngeri liwat saking. Teu bisa hiji wadalna. Sakabéh pinanggih
pati. Sadaya jadi mamangsa. Nu hirup teu nyésa deui.
Éta hiji nu
kasebut. Panggawé cidra ki Uding. Pon kitu Bagal Pirusa. Sahiji élmu pangasih.
Kantos dipaké codéka. Ngarurujit hiji istri.
Nyai Taruni
kacatur. Béntangna ronggéng basisir. Rasa banget mikahayang. Ki Uding janten
salaki. Nya antukna mah dipénta. Ka sepuhna éta istri.
Ari dua éta
sepuh. Duanana pada nampi. Duméh rasa kasieunna. Ka Ki Uding liwat saking. Ngan
geuningan nyatana. Nyi Taruni henteu nampi.
Ki Uding
terasna wangsul. Bari
peta kitu deui. Saharita mapat mantra. Bagal Pirusa diaji. Nyi Taruni kaédanan.
Ngudag-ngudag ka ki Uding.
Ningal
Taruni nunutur. Ki Uding puas na ati. Ngan geus teu niat migarwa. Bongan
panglamar ditampik. Nya mapat Bagal Pirusa. Ukur keur ngalambang sari.
Sanggeus
cacap rasa napsu. Nyi Taruni teu ditolih. Éling kana kaayaan. Nyi Taruni liwat
sedih. Tuluyna mah jadi owah. Teu kiat nandang cocobi.
Nya kana
itungan taun. Lumaku sangeunah ati. Loba jalma anu ngéwa. Ka sadirieun ki
Uding. Diantep hirup sorangan. Da dijorag mah teu wani.
Mungguhing
jelema hirup. Nu hirup teu tingtrim batin. Rasa dikukuntit dosa. Marudah
kaleuleuwihi. Pikiran gering ngacacang. Teu puguh sorangeun diri.
(Aing Uding nu kacatur. Jawara kampung basisir. Lain jago
samanéa. Milah babad milih tanding. Luhung élmu pangabisa. Jajatén jago
lineuwih.)
Aki Uding
geus kariput. Awakna teuing ku keri. Ngan kari kulit jeung tulang. Geus lain
jawara deui. Na salira ilang cahya. Jiriman dangiang diri.
Mandala Rahsa, 11062010
Pileuleuyan Aki!