Rabu, 17 Oktober 2012

ASMARANDANA TEPUNGNA SUKMA



ASMARANDANA TEPUNGNA SUKMA
(sabada maca H.H.M)


Matak ngomong teu kaharti
Kalam jeung Bashar teu nyukma
Kawas nu teu nyaho baé
Nyata Kalam téh ku ucap
Nyata Bashar ku mata
Ucap jeung nyata saluyu
Tong nepika teu mangrupa

Mata nu heureut ningali
Matak kanyahona kurang
Entong cukup ukur melong
Kudu jéntré kadéngéna
Bashar nyukma jeung Sama’ 
Tina mata ka pangdangu
Awas jeung miraga sukma

Ngaji diri ngaji Gusti
Sama’ nyukma kana Kudrat 
Tong enya ceuk batur baé
Ngandelkeun sakadanguna
Téangan ku sorangan
Téangan ka nu geus weruh
Nyatana Kudrat ku polah

Sama’ nyatana ku ceuli
Kalam nyatana ku ucap
Élmu nyatana ku nyaho
Bashar nyatana ku mata
Kudrat nyata ku polah
Hayat nyatana ku hirup
Iradat nyata ku hayang

Tidak ada komentar:

Posting Komentar