Selasa, 16 Oktober 2012

DANGDING BUBUKA


DANGDING BUBUKA
Kinanti


Assalamu’alaikum.
Sampurasun para wargi.
Ka sakum para sastrawan.
Sareng nu weruh di seni.
Ogé para ahli basa.
Budayawan kitu deui.

            Sasadu mungguh ti payun.
            Sanésna mah kumawani.
            Namung inggis kasieunan. 
            Dituding nu lain-lain. 
            Pajarna hoyong kamanah. 
            Kapuji nya kitu deui.

Mung sembah nu kapihatur
Ka sadayana sakalih
Muga nyata hiji du’a
Ka sakumna teu dipilih
Ginanjar kawaluyaan
Rohmat welas asih Gusti.

            Jalaran leres sumuhun
            Abdi rumaos nya laip
            Teu weruh di tatakrama
            Tata-titi nu utami
            Rumaos seueur kakirang
            Kalepatan liwat saking.
            
 (Tekad kuat jero ati
  Pangestu di semu budi
  Hancengan lemah sarakan
  Asli nitis dina getih
  Ti dinya nyata gumelar
  Cianjur ngeunteung na diri)

            Saéstu gaduh pimaksud
            Kahoyong iasa ngiring
            Icikibung dina sastra
            Sastra Sunda utami
            Mugi-mugi tinekanan
            Katampi ku para wargi.
             
Mungguh kasebat nembé prung
Ngawitan diajar nulis
Tinangtos seueur kakirang
Kalepatan kitu sami
Aya di unggal padana
Mugi ageung pangaksami.

            Atuh teu kantun pamundut
            Nyata kahoyong diaping
            Dijaring dipapatahan
            Perkara tulis-tinulis
            Nyata dina sastra Sunda
            Pon élmu nu sanés deui.
             
Ka sadayana dipundut
Ka nu tos tapis-patitis
Kasebat para bujangga
Atawa nu sami nulis
Nya henteu dipilah-pilah
Ka sadayana meredih.

            Mungkas basa nutup catur
            Mugi tiasa katampi
            Katampi ku sadayana
            Kalawan ku wening galih
            Sih hapunten kalepatan
            Nu ngagurit ieu dangding.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar