GATOTKACA IMUT MANIS
Kahatur: Wahyu Wibisana
Kinanti
Gatotkaca putra agung
Seja pamit maju jurit
Puraga béla nagara
Tawis
bakti kulawargi
Panuwun diaping dunga
Yudistira-Kresna Aji.
Gatotkaca mesat ngapung
Milari Karna Dipati
Sanajan bakal palastra
Tengahing jurit lastari
Éstu sadrah suka-lillah
Gatotkaca ihlas nampi.
Tengahing jurit patepung
Jeung balad Karna Dipati
Gatotkaca putra
Bima
Satria ti Pringgandani
Ditunjang buta mangpirang
Unggul dumuk tanding
jurit.
Sakur nu ditumbuk tumpur
Balad Dipati katitih
Lembana-Kalana Sura
Lembusana-Kalasrenggi
Sadaya paragat nyawa
Palastra tur tumpang tindih.
Cacap Gatotkaca ngamuk
Balad Dipati pabuis
Mung kantun Karna nyalira
Caringcing tengahing jurit
Gatotkaca nya waspada
Dipati mentang jamparing.
Sab Karna Dipati émut
Basunanda hiji caping
Tur kutang Antakusuma
Matak Gatotkaca sakti
Ras ajian narantaka
Sahiji aji lineuwih.
Dipati malik ngagempur
Mesat jamparing lir tatit
Gatotkaca
ngawang-ngawang
Teu katepi ku jamparing
Namung Karna teras manah
Dugi séép
henteu kari.
Dipati Karna nya bingung
Panah taya sésa deui
Pakarang nyésa mung Konta
Tumbak sakti tanpa tanding
Ajaman pikeun Arjuna
Karna badé ngarah pati.
Wantu-wantu wuwuh bingung
Mo
iasa mundur jurit
Pan aya pakarang nyésa
Nya kedah dianggé jurit
Antukna
pakarang Konta
Dipesat Karna Dipati.
Gatotkaca lajeng imut
Ningali Karna Dipati
Sayaga ngamangkeun Konta
Tumbak sakti tanpa tanding
Rék
dilembag ka anjeuna
Gatotkaca suka-ati.
Sab gatotkaca ngadangu
Perkara Konta sahiji
Tumbak Sang Batara Indra
Dipaké ukur sakali
Terasna
bakal ngahiang
Mo bisa dipaké deui.
Tah tina lantaran kitu
Nu
jadi pamanggul jurit
Piandel pihak Pandawa
Paman Arjuna sahiji
Tangtu bakal
katulungan
Kang Paman moal lastari.
Sanajan tangtu kasambut
Ku
tumbak Konta katiir
Dugi ka paragat nyawa
Gatotkaca henteu mungkir
Sang
satria sadrah pasrah
Ihlas ati béla pati.
Dugi ka tug na kacatur
Konta
dilembag Dipati
Nyiriwik meulah ambara
Tarik alahbatan tatit
Tumbak niir
Gatotkaca
Tembus parat lebah bujal.
(Cacap daya hasil maksud
Satria nukeuran pati
Gatotkaca tunggul korban
Béla pati paman-nagri
Tumbak Konta nilar raga
Gatotkaca imut manis)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar