Selasa, 16 Oktober 2012

GUNEM BATIN DINA DANGDING


GUNEM BATIN DINA DANGDING
Kahatur: Rusman Sutiasumarga

          Kokojayan icikibung
          Ngarambah alam bihari
          Di leuwi Sipatahunan
          Pamiangan puseur diri
          Kokojayan teuteuleuman
          Sorangeun alam kiwari

                    Teu bisa kebat lumaku
                    Haréwosna aki-nini
                   Mungguh nu tibelat rasa
                   Inget deui inget deui
                   Kamelang rék indit nyaba
                   Balik deui balik deui

Laju kabawa ku waktu
Taraté nampeu di cai
Henteu weléh ngangantosan
Sumirat nyaangan deui
Pajar téh moal deuk lila
Saukur peupeujeuh diri.

     (Aduh-aduh ulah pundung
      Hiap geura gugah deui
      Kapan geus kudu tatahar
      Geus wanci kukumpul deui
      Anjeun nya kedah motékar
      Bari émut purwadaksi)

Geuningan abdi kapahung
Rék néang ka mana deui
Puguh enya milarian
Sumirat teuing ka mendi
Tacan wantun lalayaran
Hambalan tacan ngajadi.

     (Aduh-aduh naha kitu
      Rempan miang balik deui
      Da sanés lampah cangcala
      Kasieun teuing ngajadi
      Inggis hilap ka wiwitan
      Pangaping Hariring Kuring)

Pilahir anteb nataku
Anteb dina aci batin
Piwejang anjeun jungjunan
Sahijina éta abdi
Mugia binarung du’a
Hiji mangsa nya ngajadi

     (Mugia mulus rahayu
      Urang tiasa mupusti
      Pusaka karuhun urang
      Tong dugi kaluli-luli
      Saseuweu-siwi Ki Sunda
      Di mana andika ngancik)

Nyata aya opat laku
Basa-Sastra reujeung Seni
Sarengna éta Budaya
Salasahijina deui
Nu mana baé ayana
Gumantung tékad na diri.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar