Rabu, 17 Oktober 2012

KI UDING JAWARA PILIH TANDING



KI UDING JAWARA PILIH TANDING
Kinanti


            Aki Uding geus kariput. Awakna teuing ku keri. Ngan kari kulit jeung tulang. Geus lain jawara deui. Na salira ilang cahya. Jiriman dangiang diri.

            Kaduhung mungguh sagunung. Lamun malik ka bihari. Lalakon nu geus kasorang. Mangsa tuna laip diri. Remen kasasar nya lampah. Laku cidra liwat saking.

            Aki Uding nu kacatur. Jawara kampung basisir. Lain jago samanéa. Milah babad milih tanding. Luhung élmu pangabisa. Jajatén jago lineuwih.

            Lain ukur unggul dumuk. Alatan rurupa aji. Kabedasan kadugalan. Kanuragan kitu deui. Ki Uding loba leuwihna. Ku perkara élmu gaib.

            Napak sancang nu kamashur. Bisa leumpang dina cai. Kitu deui Teluh Rambat. Dipaké pikeun maténi. Asihan Bagal Pirusa. Éta mah perkara istri.

            Ngan hanjakal nya lumaku. Asa aing unggul diri. Rupa-rupa pangabisa. Dipaké sangeunah ati. Ngalanjur napsu nu cidra. Nyumponan kahayang diri.

            Laku sasar model kitu. Nya neluh salasahiji. Ku ajian Teluh Rambat. Maténi sakulawargi. Indung bapa jeung anakna. Sakabéh pinanggih pati.

            Teu pira alatan ngadu. Kalang hayam hiji-hiji. Ditambah tandon tumpangan. Pimodaleun ronggéng istri. Dasar ki Uding keur sial. Éléh ngadu ilang milik.

            Tuluyna ki Uding ngamuk. Éléh ngadu henteu nampi. Ngarebut duit tumpangan. Nu ku batur kapimilik. Pajar yén ngadu téh teu sah. Sabab nya sia ngalicik.

            Ngan batur ngaduna tukuh. Yén manéhna mah teu licik. Saréréa gé nyaksian. Ngadu ku cara samisti. Teu pisan akal-akalan. Sirik pidik ngalilicik.

            Malih terasna misaur. Ki Uding tong abong sakti. Kéna-kéna mandraguna. Nyarita sangeunah ati. Boga peta sakarepna. Ngalindih ka jalma leutik.

            Ujaring carita batur. Jawara nu pilih tanding. Tapi teu boga kaéra. Teu pira alatan judi. Nepika arék mergasa. Pan kami mah jalma leutik.

            Ger nu séjén milu ribut. Mangmeunangkeun si lalaki. Pajar yén ki Uding enya. Lain jawara sajati. Ganggu jail kaniaya. Ka jalma nu lain tanding.

            Gereget napsu na kalbu. Beureum raray ngembang wéra. Tuluy ki Uding susumbar. Isuk sia manggih pati. Sanajan bedog kaula. Ayeuna teu nguyup getih.

            Tah tina lantaran kitu. Satutas ti tempat judi. Peutingna prak mapat mantra. Teluh Rambat nu diaji. Maréntah bangsa siluman. Sangkan dia manggih pati.

            Perbawana éta teluh. Matak ngeri liwat saking. Teu bisa hiji wadalna. Sakabéh pinanggih pati. Sadaya jadi mamangsa. Nu hirup teu nyésa deui.

            Éta hiji nu kasebut. Panggawé cidra ki Uding. Pon kitu Bagal Pirusa. Sahiji élmu pangasih. Kantos dipaké codéka. Ngarurujit hiji istri.

            Nyai Taruni kacatur. Béntangna ronggéng basisir. Rasa banget mikahayang. Ki Uding janten salaki. Nya antukna mah dipénta. Ka sepuhna éta istri.

            Ari dua éta sepuh. Duanana pada nampi. Duméh rasa kasieunna. Ka Ki Uding liwat saking. Ngan geuningan nyatana. Nyi Taruni henteu nampi.

            Ki Uding terasna wangsul. Bari peta kitu deui. Saharita mapat mantra. Bagal Pirusa diaji. Nyi Taruni kaédanan. Ngudag-ngudag ka ki Uding.

            Ningal Taruni nunutur. Ki Uding puas na ati. Ngan geus teu niat migarwa. Bongan panglamar ditampik. Nya mapat Bagal Pirusa. Ukur keur ngalambang sari.

            Sanggeus cacap rasa napsu. Nyi Taruni teu ditolih. Éling kana kaayaan. Nyi Taruni liwat sedih. Tuluyna mah jadi owah. Teu kiat nandang cocobi.

            Nya kana itungan taun. Lumaku sangeunah ati. Loba jalma anu ngéwa. Ka sadirieun ki Uding. Diantep hirup sorangan. Da dijorag mah teu wani.

            Mungguhing jelema hirup. Nu hirup teu tingtrim batin. Rasa dikukuntit dosa. Marudah kaleuleuwihi. Pikiran gering ngacacang. Teu puguh sorangeun diri.

(Aing Uding nu kacatur. Jawara kampung basisir. Lain jago samanéa. Milah babad milih tanding. Luhung élmu pangabisa. Jajatén jago lineuwih.)

            Aki Uding geus kariput. Awakna teuing ku keri. Ngan kari kulit jeung tulang. Geus lain jawara deui. Na salira ilang cahya. Jiriman dangiang diri.

Mandala Rahsa, 11062010
Pileuleuyan Aki!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar