Rabu, 17 Oktober 2012

KIDUNG CAHYA KINASIHAN



KIDUNG CAHYA KINASIHAN

 Asmarandana


Kidung kuring kidung peuting
Kidung cahya kinasihan
Cahaya asih sakabéh
Sunda-Jawa sabuana               (Bayu sira atma sira)
Rempag atma bayuna
Ngalanglayung beuki liwung
Ngabancana matak waas

            Cahya ngajirim ti peuting
            Cahya kaluar ti beurang
            Cahya Papat-Lima pancer
            Cahyana nur Muhammad
            Cahya-cahya nabi Adam
            Cahya nyurup nabi Yusuf
            Cahyana caang sajagat

Huriping asih di ati
Teu mangrupa dina raga
Beuki welas asih baé
Nu aya kuring sorangan
Mangka sumerah pasrah
Mangka pundung matak burung
Laun-laun mangka édan

            Piri-piri Centring Manik
            Manak-manak Ulang Gupay
            Papatkeun kabéh pamaké
                                    Nu mana Bagal Pirusa
                                    Jeung Kidung Rempak Baya
            Ieu kidung matak tumpur
            Kabéh sirna kabéh musna

Sucinaraja, Garut
Mangsa KKN 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar