Rabu, 17 Oktober 2012

KINANTI SARI KINASIH



KINANTI SARI KINASIH


Demi asih nu geus nyurup
Demi tresna nu kaselir
Di dieu rasa nyangsara
Kaasih nu kapigalih
Haté gumeter tamada
Ngan sahiji nu dianti

            Dimana jampé salusuh
            Dimana jampé pamatri
            Kedal wakca najan kemba
            Ka diri kuring ngageuri
            Nu datang tanpa larapan
            Kiwari ngancik ‘na ati

            Satungtung nepi ka tungtung
            Moal weléh nganti-nganti
            Moal weléh mikacinta
            Mikaasih dina galih
            Mikanyaah rerencepan
            Sanajan ukur ‘na ati

Lulunta najan kasarung
Néangan pupujan ati
Nuturkeun kahayang rasa
Nyumponan paménta diri
Salawasna mikatresna
Ukur anjeun ngan sahiji

Bumi Siliwangi, 14072007

Tidak ada komentar:

Posting Komentar