Selasa, 16 Oktober 2012

KUKUPU NGUNGUN KAPAHUNG


KUKUPU NGUNGUN KAPAHUNG
Kahatur: Kang Dedy Windyagiri
Kinanti

(Kukupu ngungun kapahung
Méga ambara ngadingding
Srangéngé ragrag cimata
Bumi-langit buta rajin
Kumapang néangan kembang
Kukupu kingkin prihatin)

            Aya sahiji kukupu
            Ceurik-ceurik ngabangingik
            Raga ngarandap tunggara
            Kasedih merejih galih
            Rasa disasaak lara
            Pikir disiksik kaketir

Liwung bingung sakalangkung
Kembang leungit aci diri
Diseuseup kumbang durjana
Nu cangcala liwat saking
Ligar taya daya marta
Kembang biheung seungit deui

            Mungguh kukupu gegetun
            Nanging wening galih batin
            Ucap subaya ka kembang
            Lahir-batin pasti tigin
            Tresna cinta salawasna
            Asih mo mungkir ti takdir

(Aya sahiji kukupu
Ceurik-ceurik ngabangingik
Lain pédah ku tunggara
Kembang ngarandapan takdir
Nanging tungtung caritana
Kembang nemahan lastari)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar