Rabu, 17 Oktober 2012

MAPAG BALEBAT DATANG TIBELAT



MAPAG BALEBAT DATANG TIBELAT
Asmarandana

            Wiati tan aling-aling. Lénglang teu aya mégaan. Candra cangra sabataé. Béntang ngagurilap caang. Jeung angin lalayaran. Mahabu ka alak paul. Perbawa tengtrem pohara.

            Demi asih nu geus ngancik. Dina talaga ing rasa. Tina huluwotan haté. Ngocorna jadi tangara. Tresna nu dipicangcam. Hibarna ngempur nataku. Micinta jeung salawasna.

            Duh Rini Purnamasari. Alangkara rék sulaya. Tina niat anu hadé. Nu baheula geus kaucap. Dina satengahing jalan. Antara Bandung-Cianjur. Pan kula tamada tresna.

            Lain teu nilik ka diri. Henteu nimbang kaayaan. Ngan weléh hésé dék palér. Moal bisa dibohongan. Nya antukna mah wakca. Bari bingung nya ku paur. Anjeun bendu dina manah.

            Teras anjeun pok ngalahir. Geuning asa teu percaya. Pajar yén kuring téh bohong. Ukur cinta saharita. Atawa ka nu lian. Ogé sami jiga kitu. Nyarios ngagungkeun tresna.

            Duh Rini Purnamasari. Naha bet kedah cangcaya. Kana tresna dina haté. Nu micangcam ka salira. Nyata apan karasa. Bingung kaurugan liwung. Ku kacinta nu pohara.

            Salasahiji nya bukti. Aya dina titimangsa. Sajak-sajak eusi haté. Gumelar “Wirahma Tresna”. Apan nyata unina. Ieu rasa téh tagayur. Sakapeung nandangan brangta.

            Sanajan diri walagri. Namung salebeting manah. Teu weléh marudah baé. Sanés niat pangoloan. Kamanah ku salira. Ngan mo disumput salindung. Da geuning kitu buktosna.

            (Wiati tan aling-aling. Lénglang teu aya mégaan. Candra cangra sabataé. Béntang ngagurilap caang. Jeung angin lalayaran. Mahabu ka alak paul. Perbawa tengtrem pohara)

            Janari di Setyabudi. Sorangan nandang tunggara. Kasusah bijil ti haté. Alatan rasa tibelat. Terusna marojéngja. Rasa sedih sakalangkung. Hésé mapalérkeunana.

            (Demi asih nu geus ngancik. Dina talaga ing rasa. Tina huluwotan haté. Ngocorna jadi tangara. Tresna nu dipicangcam. Hibarna ngempur nataku. Micinta jeung salawasna.)

            Kawantu nadar ka Gusti. Hubungana jeung Pangéran. Teu bisa sangeunah baé. Ngalétak ciduh nu murag. Mung kangaranan kadar. Rusiah Nu Maha Agung. Tungtungna saha nu apal.


                                                                                                                                           =R.R.P=
Panineungan ‘ping 240904
Antara Bandung-Cianjur

Tidak ada komentar:

Posting Komentar