Rabu, 17 Oktober 2012

PADUNGDENGAN BATIN



PADUNGDENGAN BATIN
Sinom


            Mungguh kadar kahirupan. Gumelar kersaning Gusti. Tinangtu pinuh rusiah. Lalangsé hakiki takdir. Nu nyamuni pinasti. Panonpoé ngantun layung. Hibar saha nu boga. Reujeungna éta sahiji. Hibar surya atawa geus salin rupa.

            Wanci ditandaan bulan. Kasebutna éta peuting. Naha béda karasana. Sakapeung jempling téh tingtrim. Sakapeungna bet kingkin. Naha éta nu kasebut. Nyata perbawa rasa. Atawana dina galih. Sakabéhna éta rasa téh tumiba.

            Gurat léngkah kahirupan. Geus di tangtukeun ku Gusti. Jodo pati bagja bala'. Titis tulis ti azali. Usik malik ku Gusti. Sadaya lampah tur laku. Nu kasorang jeung nu acan. Pinuh ku mangpirang sarib. Sab jaga laku lampah tepung jeung kadar.

            Teras nya akal tumanya. Lamun enya ceuk nu tadi. Mo leupas ti katangtuan. Kapinastian azali. Tuluy kumaha diri. Kusababna katalikung. Dina aturan kadar. Manusa gumelar lahir. Ukur pikeun narima kapinastian.

            Sapertos kieu contona. Katangtuan hiji jalmi. Takdirna lebet sawarga. Tos ditulis ti azali. Namung si éta jalmi. Sa hirupna cidra laku. Taya pisan saéna. Komo ibadah ka Gusti. Naha si jalma keukeuh asup sawarga.

            Atawa hiji deuina. Sami ogé hiji jalmi. Namung takdirna naraka. Titis tulis ti azali. Horéng nu bingung deui. Si jalma soléh kacatur. Juhud ahli ibadah. Ibadah beurang jeung peuting. Naha keukeuh bakal asup ka naraka.

            Mun azali ka sawarga. Keur naon ibadah deui. Mun azali ka naraka. Jang naon ibadah deui. Bagja cilaka pati. Mémang geus kuduna kitu. Tapi aya nu kapikir. Na bet aya du'a ménta panjang yuswa.

            Aya nu bisa dirobah. Jeung nu teu bisa digenti. Éta sawarga-naraka. Perkara anu sahiji. Asup mana di ahir. Lamun kaasupna kitu. Henteu bisa dirobah. Kumaha ihtiar diri. Nu hayang salamet dunya ahératna.

            Mungguh dina kahirupan. Pinuh padungdengan batin. Nyorang jalan bebeneran. Pikeun kasajatian hurip. Rupi-rupi cocobi. Cunduk teu tangtu di waktu. Narajang kayakinan. Dina sabudeuran diri. Kusabab tacan panceg ngagurat cadas.

            Antara galih jeung manah. Watesna pikir jeung ati. Mata hate reujeung akal. Kunaon tara ngahiji. Bebeneran sajati. Tangtungan nu mawa hirup. Hirup ku kayakinan. Sajatining insan kamil. Silokaning ciri manusa utama.

            Manusa ngagurat dua. Qodariah nya sahiji. Jabariah sabeulahna. Sanajan henteu ngahiji. Mo bisa mun disapih. Tunggalna Gusti Nu Agung. Nu hiji nyata hamba. Sanyata kedah sing lantip. Nyurahan ulah heureut pisan paningal.

            Lir gula reujeung amisna. Teu bisa disapih deui. Nya sanés kitu ayana. Sapertos nu manunggaling. Hambana sareng Gusti. Pon sanés sapertos kitu. Cai sinareng minyak. Sanajan acina cai. Namung keukeuh kasebat aya béntenna.
            Naha bet mikiran kadar. Atawa ngémutan takdir. Pan aya khauf jeung roja'. Pangarepan inggis bisi. Dina jeroeun diri. Kumatak takdir Nu Agung. Nya mangrupa rusiah. Sorangeun ruhani langit. Sanyatana hubungan sabab-akibat.

            Ku kitu masing percaya. Kasebatna apan Gusti. Moal jail kaniaya. Kusabab sipating Rahim. Nu Maha Mikaasih. Ka sakur mahluk nu hirup. Tur na étangan amal. Apan Gusti Maha Adil. Hakim nu nyata timbanganana.

(Manusa ngagurat dua. Qodariah nya sahiji. Jabariah sabeulahna. Sanajan henteu ngahiji. Mo bisa mun disapih. Tunggalna Gusti Nu Agung. Nu hiji nyata hamba. Sanyata kedah sing lantip. Nyurahan ulah heureut pisan paningal.)

            Mungguh ari kahirupan. Gumelar kersaning Gusti. Tinangtu pinuh rusiah. Lalangsé hakiki takdir. Nu nyamuni pinasti. Panonpoé ngantun layung. Hibar saha nu boga. Reujeungna éta sahiji. Hibar surya atawa geus salin rupa.

Mandala Rahsa, 29022009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar