Selasa, 16 Oktober 2012

PAGUNEMAN BUDAK PEUTING


PAGUNEMAN BUDAK PEUTING
Kahatur: Chye Retty Isnendes
Asmarandana

            Hariring wiati peuting. Patémbalan ketip béntang. Hibar bulan kitu ogé. Mancala warna ngambara. Pon angin lalayaran. Ngaharéwos lir nu nyaur. Ngajak ngapak ngawang-ngawang.

            Sada kawih nyeuit-nyeuit. Sumambat nyasaak rasa. Mahabu na dada simpé. Katineung ngancik bumetah. Tilar disimpay tresna. Ngarandakah tikelebuh. Dina lautan asmara.

            Duh ibu ratuning peuting. Pok geura-geura nyarita. Lalakon atawa dongéng. Ngeunaan rasa katresna. Sa mangrupa siloka. Alam dunya nu dicatur. Badé digurit na tembang.

            Aya naon duh anaking. Meredih ibu nyarita. Matak-matak rasa helok. Anjeun ayeuna anggana. Taya nu ngabaturan. Nunggelis nyorangan kitu. Nyambat ibu nyata bulan.

            Kawantu nu kapigalih. Dina sajeroeun rasa. Kahoyong iasa ngartos. Kana silokaning tresna. Teras badé diréka. Ugeran pupuh nu tangtu. Digurit winangun tembang.

            Dupi maksadna digurit. Mugi aya mangpaatna. Ka nu maca saha baé. Atanapi nu nulisna. Sareng nya atawana. Janten tamba lipur waktu. Nyurahan sugri ma’nana.

            Upama kitu geuningan. Naon anu dipimaksad. Nya aya hadéna ogé. Digurit winangun tembang. Prak ibu sasauran. Masing tiasa nya nimu. Maksadna ieu carita.

            Catur lalakon ka hiji. Ibu nyarioskeun kembang. Nu sami marudah haté. Alatan perbawa tresna. Pajarna téh ceuk kembang. Anjeuna leungiteun ibun. Nu sawengi mikatresna.

            Lajeng nyarios wiati. Sanyata wiati beurang. Komo kuring liwat hésé. Kasedih taya hinggana. Béntang-béntang baranang. Ayeuna keur miang jauh. Rasa taya nu maturan.

            Komo lamun seug ti peuting. Kapan geuning kasebutna. Tara unggal peuting ogé. Béntang datang ngabaturan. Na rék dibawa susah. Lamun geus kuduna kitu. Atawana mening sadrah.

            Nya kapan anjeun mah deuih. Peuting datang salawasna. Sok mawa ciibun kénéh. Haturkeuneun ka salira. Sahiji éta nyata. Kasebutna puguh tangtu. Gumelar numutkeun alam.

            Tah geuning kitu anaking. Kembang jeung wiati beurang. Duanana sami ogé. Ngarandap nandang tunggara. Nanging aya béntenna. Éta dua nu dicatur. Nu mana langkung utama.

            Ka dua ibu rék nyobi. Neraskeun deui carita. Nyarioskeun panonpoé. Anu ngarandapan brangta. Sedih alatan tresna. Nya kuciwa sakalangkung. Duméh tresna teu laksana.

            Catur panonpoé tadi. Hibarna nyaangan alam. Caang ka sing saha baé. Teu dipilih teu dipilah. Dipasihan sadaya. Sumawona ka nu butuh. Butuh ku hibar sang surya.

            Nya kitu ogéna deui. Hibarna nyaangan kembang. Kembang-kembang naon ogé. Tangtos bakal dihibaran. Kaasih nu utama. Teu miharep bakal wangsul. Da kawantu leres ihlas.

            Mung hiji nu kapigalih. Ku panonpoé ayeuna. Aya nu diémut baé. Dina haté dina manah. Nyata ku hiji kembang. Nu matak sang surya bingung. Kembang aya nu miboga.

            Éta kembang nu kawarti. Nya sanés kembang biasa. Nyata kembang sedep malem. Nu seungit lain ti beurang. Panonpoé marudah. Kahayangna bisa ngambung. Ngan jeung seungit teu patepang.

            Kembang sedep malem tadi. Nyata béntang nu miboga. Seungit kembang sedep malem. Nya mung wungkul kanggo béntang. Kaseungit tan papada. Ngabiur mubung ka luhur. Haturan mung ukur béntang.

            Teras sang surya nya deui. Ayeuna badé kumaha. Mo ihlas kana papastén. Dumugi moal ngahibar. Pikeun salalawasna. Alatan teu cumpon maksud. Atanapi badé sadrah.

            Kusabab anu utami. Nyata sang surya tos hilap. Pami teras kitu waé. Tangtos seueur nu palastra. Nu peryogi ku hibar. Hibar panyambungna hirup. Pan nyata taya gentosna.

            (Sanyata aya nu asih. Ka sadirina sang surya. Nangingna mah panonpoé. Ngahihilap henteu nyadar. Yén aya nu ngantosan. Siang wengi ogé kitu. Micangcam nya rerencepan)

            Aéh geuningan anaking. Nyata teu karaos pisan. Ibu ngadongéng ka hidep. Dugi hilap kaayaan. Wantu kapan ibu mah. Ratu téh ti peuting hungkul. Beurang mah henteu ngaboga.

            Hampura ibu anaking. Sanés ibu niat sungkan. Nyumponan pamundut hidep. Ngadongéng siloka tresna. Nanging geuning nyatana. Ayeuna parantos subuh. Ibu mah seja amitan.

            Mangka ibu nya wawarti. Ka sadirieun salira. Anjeun kedah seukeut haté. Tanggap kana sora dunya. Katut sa-pangeusina. Sanajan mangrupa simbul. Ukur kalakay nu murag.

            Duh ibu ratuning peuting. Ibu kami nyata bulan. Wewekas éstu diésto. Ditampa ku cahya manah. Ogé éta piwejang. Disuhun na embun-embun. Dipusti didama-dama

            Duh bagéa ya anaking. Ibu mah bagja temenan. Ningali pamolah hidep. Rucita yatna jatnika. Mugia salawasna. Gusti Anu Maha Agung. Nangtayungan ka salira.

            Pon sakitu nya anaking. Prak ibu mangka amitan. Nanging dina waktos sanés. Ibu jangji ka salira. Bakal deui nyarita. Carita dunya dicatur. Mangrupa siloka tresna.

            Sembah pangbaktos ti abdi. Sugri kasaéan ibu. Parantos kersa nyarios. Nyarita siloka tresna. Ibu kami nya bulan. Parantos unjuk misaur. Ka sadirieun sabadan.

            (Hariring wiati peuting. Nya geus mangsana lekasan. Hibar bulan kitu ogé. Lalaunan prak amitan. Pon angin lalayaran. Ngaharéwos tur misaur. Urang reureuh saheulaan)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar