Rabu, 17 Oktober 2012

WIATI NITIH WANCI



WIATI NITIH WANCI

Asmarandana

Duh wiati geuning tebih
Geuning urang téh paanggang
Tapi haté nyantél baé
Beuki matak ragas rasa
Kuring deudeuh temenan
Lila-lila leuwih liwung
Miharep kembang impénan

            Wiati tawis kaasih
            Tawisna kedal duriat
            Bet datang mantén papastén
            Urang anggang tur papisah
            Nganaha-naha kadar
            Urang bet kudu pajauh
            Paanggang raga jeung rasa
  
Wiati di leuwi ati
Baranang béntang sulintang
Ngagurilap dina hate
Tandaning tresnaning tresna
Tan kendat pangarepan
Sanajan diurug waktu
Nyambat-nyambat ka panutan

            Wiati sari kinasih
            Bulan béntang nu nyaksian
            Dahana ngagedur baé
            Ngabébéla salilana
            Geura datang mangsana
            Urang baris bakal tepung
            Bareng pikeun salilana

Tidak ada komentar:

Posting Komentar