Rabu, 17 Oktober 2012

KI UDING JAWARA PILIH TANDING



KI UDING JAWARA PILIH TANDING
Kinanti


            Aki Uding geus kariput. Awakna teuing ku keri. Ngan kari kulit jeung tulang. Geus lain jawara deui. Na salira ilang cahya. Jiriman dangiang diri.

            Kaduhung mungguh sagunung. Lamun malik ka bihari. Lalakon nu geus kasorang. Mangsa tuna laip diri. Remen kasasar nya lampah. Laku cidra liwat saking.

            Aki Uding nu kacatur. Jawara kampung basisir. Lain jago samanéa. Milah babad milih tanding. Luhung élmu pangabisa. Jajatén jago lineuwih.

            Lain ukur unggul dumuk. Alatan rurupa aji. Kabedasan kadugalan. Kanuragan kitu deui. Ki Uding loba leuwihna. Ku perkara élmu gaib.

            Napak sancang nu kamashur. Bisa leumpang dina cai. Kitu deui Teluh Rambat. Dipaké pikeun maténi. Asihan Bagal Pirusa. Éta mah perkara istri.

            Ngan hanjakal nya lumaku. Asa aing unggul diri. Rupa-rupa pangabisa. Dipaké sangeunah ati. Ngalanjur napsu nu cidra. Nyumponan kahayang diri.

            Laku sasar model kitu. Nya neluh salasahiji. Ku ajian Teluh Rambat. Maténi sakulawargi. Indung bapa jeung anakna. Sakabéh pinanggih pati.

            Teu pira alatan ngadu. Kalang hayam hiji-hiji. Ditambah tandon tumpangan. Pimodaleun ronggéng istri. Dasar ki Uding keur sial. Éléh ngadu ilang milik.

            Tuluyna ki Uding ngamuk. Éléh ngadu henteu nampi. Ngarebut duit tumpangan. Nu ku batur kapimilik. Pajar yén ngadu téh teu sah. Sabab nya sia ngalicik.

            Ngan batur ngaduna tukuh. Yén manéhna mah teu licik. Saréréa gé nyaksian. Ngadu ku cara samisti. Teu pisan akal-akalan. Sirik pidik ngalilicik.

            Malih terasna misaur. Ki Uding tong abong sakti. Kéna-kéna mandraguna. Nyarita sangeunah ati. Boga peta sakarepna. Ngalindih ka jalma leutik.

            Ujaring carita batur. Jawara nu pilih tanding. Tapi teu boga kaéra. Teu pira alatan judi. Nepika arék mergasa. Pan kami mah jalma leutik.

            Ger nu séjén milu ribut. Mangmeunangkeun si lalaki. Pajar yén ki Uding enya. Lain jawara sajati. Ganggu jail kaniaya. Ka jalma nu lain tanding.

            Gereget napsu na kalbu. Beureum raray ngembang wéra. Tuluy ki Uding susumbar. Isuk sia manggih pati. Sanajan bedog kaula. Ayeuna teu nguyup getih.

            Tah tina lantaran kitu. Satutas ti tempat judi. Peutingna prak mapat mantra. Teluh Rambat nu diaji. Maréntah bangsa siluman. Sangkan dia manggih pati.

            Perbawana éta teluh. Matak ngeri liwat saking. Teu bisa hiji wadalna. Sakabéh pinanggih pati. Sadaya jadi mamangsa. Nu hirup teu nyésa deui.

            Éta hiji nu kasebut. Panggawé cidra ki Uding. Pon kitu Bagal Pirusa. Sahiji élmu pangasih. Kantos dipaké codéka. Ngarurujit hiji istri.

            Nyai Taruni kacatur. Béntangna ronggéng basisir. Rasa banget mikahayang. Ki Uding janten salaki. Nya antukna mah dipénta. Ka sepuhna éta istri.

            Ari dua éta sepuh. Duanana pada nampi. Duméh rasa kasieunna. Ka Ki Uding liwat saking. Ngan geuningan nyatana. Nyi Taruni henteu nampi.

            Ki Uding terasna wangsul. Bari peta kitu deui. Saharita mapat mantra. Bagal Pirusa diaji. Nyi Taruni kaédanan. Ngudag-ngudag ka ki Uding.

            Ningal Taruni nunutur. Ki Uding puas na ati. Ngan geus teu niat migarwa. Bongan panglamar ditampik. Nya mapat Bagal Pirusa. Ukur keur ngalambang sari.

            Sanggeus cacap rasa napsu. Nyi Taruni teu ditolih. Éling kana kaayaan. Nyi Taruni liwat sedih. Tuluyna mah jadi owah. Teu kiat nandang cocobi.

            Nya kana itungan taun. Lumaku sangeunah ati. Loba jalma anu ngéwa. Ka sadirieun ki Uding. Diantep hirup sorangan. Da dijorag mah teu wani.

            Mungguhing jelema hirup. Nu hirup teu tingtrim batin. Rasa dikukuntit dosa. Marudah kaleuleuwihi. Pikiran gering ngacacang. Teu puguh sorangeun diri.

(Aing Uding nu kacatur. Jawara kampung basisir. Lain jago samanéa. Milah babad milih tanding. Luhung élmu pangabisa. Jajatén jago lineuwih.)

            Aki Uding geus kariput. Awakna teuing ku keri. Ngan kari kulit jeung tulang. Geus lain jawara deui. Na salira ilang cahya. Jiriman dangiang diri.

Mandala Rahsa, 11062010
Pileuleuyan Aki!

PADUNGDENGAN BATIN



PADUNGDENGAN BATIN
Sinom


            Mungguh kadar kahirupan. Gumelar kersaning Gusti. Tinangtu pinuh rusiah. Lalangsé hakiki takdir. Nu nyamuni pinasti. Panonpoé ngantun layung. Hibar saha nu boga. Reujeungna éta sahiji. Hibar surya atawa geus salin rupa.

            Wanci ditandaan bulan. Kasebutna éta peuting. Naha béda karasana. Sakapeung jempling téh tingtrim. Sakapeungna bet kingkin. Naha éta nu kasebut. Nyata perbawa rasa. Atawana dina galih. Sakabéhna éta rasa téh tumiba.

            Gurat léngkah kahirupan. Geus di tangtukeun ku Gusti. Jodo pati bagja bala'. Titis tulis ti azali. Usik malik ku Gusti. Sadaya lampah tur laku. Nu kasorang jeung nu acan. Pinuh ku mangpirang sarib. Sab jaga laku lampah tepung jeung kadar.

            Teras nya akal tumanya. Lamun enya ceuk nu tadi. Mo leupas ti katangtuan. Kapinastian azali. Tuluy kumaha diri. Kusababna katalikung. Dina aturan kadar. Manusa gumelar lahir. Ukur pikeun narima kapinastian.

            Sapertos kieu contona. Katangtuan hiji jalmi. Takdirna lebet sawarga. Tos ditulis ti azali. Namung si éta jalmi. Sa hirupna cidra laku. Taya pisan saéna. Komo ibadah ka Gusti. Naha si jalma keukeuh asup sawarga.

            Atawa hiji deuina. Sami ogé hiji jalmi. Namung takdirna naraka. Titis tulis ti azali. Horéng nu bingung deui. Si jalma soléh kacatur. Juhud ahli ibadah. Ibadah beurang jeung peuting. Naha keukeuh bakal asup ka naraka.

            Mun azali ka sawarga. Keur naon ibadah deui. Mun azali ka naraka. Jang naon ibadah deui. Bagja cilaka pati. Mémang geus kuduna kitu. Tapi aya nu kapikir. Na bet aya du'a ménta panjang yuswa.

            Aya nu bisa dirobah. Jeung nu teu bisa digenti. Éta sawarga-naraka. Perkara anu sahiji. Asup mana di ahir. Lamun kaasupna kitu. Henteu bisa dirobah. Kumaha ihtiar diri. Nu hayang salamet dunya ahératna.

            Mungguh dina kahirupan. Pinuh padungdengan batin. Nyorang jalan bebeneran. Pikeun kasajatian hurip. Rupi-rupi cocobi. Cunduk teu tangtu di waktu. Narajang kayakinan. Dina sabudeuran diri. Kusabab tacan panceg ngagurat cadas.

            Antara galih jeung manah. Watesna pikir jeung ati. Mata hate reujeung akal. Kunaon tara ngahiji. Bebeneran sajati. Tangtungan nu mawa hirup. Hirup ku kayakinan. Sajatining insan kamil. Silokaning ciri manusa utama.

            Manusa ngagurat dua. Qodariah nya sahiji. Jabariah sabeulahna. Sanajan henteu ngahiji. Mo bisa mun disapih. Tunggalna Gusti Nu Agung. Nu hiji nyata hamba. Sanyata kedah sing lantip. Nyurahan ulah heureut pisan paningal.

            Lir gula reujeung amisna. Teu bisa disapih deui. Nya sanés kitu ayana. Sapertos nu manunggaling. Hambana sareng Gusti. Pon sanés sapertos kitu. Cai sinareng minyak. Sanajan acina cai. Namung keukeuh kasebat aya béntenna.
            Naha bet mikiran kadar. Atawa ngémutan takdir. Pan aya khauf jeung roja'. Pangarepan inggis bisi. Dina jeroeun diri. Kumatak takdir Nu Agung. Nya mangrupa rusiah. Sorangeun ruhani langit. Sanyatana hubungan sabab-akibat.

            Ku kitu masing percaya. Kasebatna apan Gusti. Moal jail kaniaya. Kusabab sipating Rahim. Nu Maha Mikaasih. Ka sakur mahluk nu hirup. Tur na étangan amal. Apan Gusti Maha Adil. Hakim nu nyata timbanganana.

(Manusa ngagurat dua. Qodariah nya sahiji. Jabariah sabeulahna. Sanajan henteu ngahiji. Mo bisa mun disapih. Tunggalna Gusti Nu Agung. Nu hiji nyata hamba. Sanyata kedah sing lantip. Nyurahan ulah heureut pisan paningal.)

            Mungguh ari kahirupan. Gumelar kersaning Gusti. Tinangtu pinuh rusiah. Lalangsé hakiki takdir. Nu nyamuni pinasti. Panonpoé ngantun layung. Hibar saha nu boga. Reujeungna éta sahiji. Hibar surya atawa geus salin rupa.

Mandala Rahsa, 29022009

SERAT KANGGO ENGKANG NU MAJU JURIT



SERAT KANGGO ENGKANG NU MAJU JURIT

Asmarandana


            (Paanggang tebih nya diri. Anggang dipisah ku tempat. Taya pamapalér haté. Mun datang rasa hariwang. Nyaliarana rasa. Ngaririwa sakalangkung. Émut baé ka panutan)

            Duh engkang cobi tingali. Abdi kumaha ayeuna. Tibelat ku hésé palér. Dibarung rasa hariwang. Ngangantosan jungjunan. Nu nuju nyinglar pakewuh. Nya babaktos ka nagara.

            Naha engkang tacan mulih. Miang tos aya bulanna. Abdi nya saredih haté. Upami émut ka engkang. Taya nu disambat. Pami abdi nuju liwung. Sanyata ukur salira.

            Abdi sieun liwat saking. Pancén engkang ngamamala. Dugi tumiba papastén. Ka sadirieun salira. Pami kitu ayana. Hapunten abdi misaur. Hoyong sami janten bugang.

            Danget ayeuna nya abdi. Wungkul tiasa ngadu’a. Ngereteg jeroeun haté. Jumeritna ka Pangéran. Mugi ditangtayungan. Mancén damel lumus mulus. Teu nandang balai cilaka.

            Dugi lamun engkang mulih. Sumping ka lemah sarakan. Engkang sanyata salamet. Salamet sabiharina. Urang pinasti tepang. Ngahiji cunduk di waktu. Mo aya nu bisa misah.

NU KABÉNGBAT KU DURIAT



NU KABÉNGBAT KU DURIAT
Kinanti

             
            Nu geulis aya ku lucu. Ngawalon teuing ku aris. Ta’dim sasauranana. Marahmay tur amis budi. Tingkahna yatna jatnika. Lungguh timpuh andalemi.

            Imutna matak kayungyun. Matak napak dina ati. Seurina panghudang waas. Lamun teu patepang lami. Mungguh pikir nu tibelat. Bawana tarik birahi.

            Marudah eusining kalbu. Tagiwur rasaning ati. Mun sadinten teu patepang. Atawa henteu ningali. Terasna aya hariwang. Rentag manah dina galih.

            Lajeng kunaon nya liwung. Kasono pon liwat saking. Bet rasa kabiruyungan. Teterasan nganti-nganti. Dadak kalimpudan tresna. Binarung deudeuh pangasih.

            (Nyata cinta nu nataku. Dina salebeting ati. Kapanah ku KamaBana. Jamparing Déwaning Asih. Tan kendat dahana tresna. Ngaliung ngeukeupan diri)

            Teras kumaha duh bingung. Ieu rasa dina ati. Nyaliara ngabebela. Pinuh sari-sari asih. Ngacacang laju ka édan. Beurang-peuting nganti-nganti.

            Rék wakca geuning ku paur. Panyangka rék ngagerenyih. Alus omong pangoloan. Supaya bisa kabeuli. Inggis sieun teu percaya. Nyarita terus jeung ati.

            Geuningan nya dipegung. Disidem jeroeun ati. Mikacinta rerencepan. Mikaasih ngan ti tebih. Najan cinta rerencepan. Karasana matak peurih.

            (Nyata cinta nu nataku. Dina salebeting ati. Kapanah ku KamaBana. Jamparing Déwaning Asih. Tan kendat dahana tresna. Ngaliung ngeukeupan diri)

=R.R.P=

NU NGAGEURI DINA ATI



NU NGAGEURI DINA ATI

Mijil

Riring-riring suling nurih ati
Sada ngaharéwos
Beuki anteb baé kana haté
Sedeng peuting beuki kingkin jempling
Nyaliksik ka diri
Nu diurug liwung

            Tuluy nanya ku naon bet sedih
            Reumbeuy ku cipanon
            Kawas aya nu dianti baé
            Naon atuh anu kapigalih
            Pék geura ngageuri
            Sugan palér lipur

Duh ka mana pupujaning ati
Tos lawas diantos
Engkang henteu mulih-mulih baé
Abdi sedih tos séép citangis
Digalih merejih
Raga ngalanglayung

            Aduh-aduh ulah liwat sedih
            Ngémutan kasono
            Anggur mah pé sumerahkeun baé
            Pék pasrahkeun sadaya ka Gusti
            Ka Robbul Izzati
            Nitipkeun nu jauh