Selasa, 16 Oktober 2012

CEURIK-CEURIK BUDAK PEUTING


CEURIK-CEURIK BUDAK PEUTING
Asmarandana


(Budak peuting ngalumengis
Lumampah sosoranganan
Nyanyambat ngagero-gero
Ambara disaput méga
Leumpang kadungsang-dungsang
Pahung bingung kapidangdung
Tunggara ngawasa rasa)

            Ka mana ratuning peuting
            Ibu kami nyata bulan
            Sasarina katémbong bréh
            Ayeuna duka ka mana
            Taya nu ngabeberah
            Mun kami sumedeng bingung
            Sasari sok diupahan

Ka mana duh angin peuting
Ngaleungit teu aya béja
Sasarina tara mingé
Ngajak ulin lalayaran
Kami nyata sorangan
Ngabeberah ngalilipur
Geuninganan teu kaduga

            (Lalaunan ngabangingik
            Budak peuting nya kumapang
            Sumegruk diliung simpé
            Bangreung kumelip anggana
            Atra nyata ambara
            Dumeling dipulas suwung
            Budak peuting balilihan)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar