Selasa, 16 Oktober 2012

KAWIH ÉCÉNG KAWIH KAPEURIH


KAWIH ÉCÉNG KAWIH KAPEURIH
Kahatur: Kang Dedy Windyagiri
Asmarandana

Kapireng hariring kingkin
Tembang ngawirahma lara
Sepi lumengis calombrék
Écéng ngarandap tunggara
Samakta kasangsara
Liwung bingung kapidangdung
Kapeurih nyasaak tresna

       Kumambang ngambang di cai
       Écéng marta samagaha
       Ramohpoy tina papastén
       Taya daya pangawasa
       Rasa ditilar tresna
       Lahuta laju di hirup
       Kumacacang eueuihan

Taraté anu bihari
Miakasih mikahéman
Mideudeuh ka kembang écéng
Kiwari sirna tapakna
Kabéngbat pangbibita
Pangrobéda kembang tunjung
Nu unggul sagala rupa

       Lain babad lain pacing
       Lain kananga kuduna
       Menggah kasebatna écéng
       Layanna génjér di sawah
       Moal tepung jeung rawa
       Nya tempat taraté hirup
       Kudu sadar kaayaan

(Sora écéng ngabangingik
Ngeundeug-ngeundeug alam raya
Buntala langit canéom
Samagaha ngaambara
Dunya kasaput méga
Méga tangara hanjelu
Nu peurih taya hinggana)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar