Rabu, 17 Oktober 2012

PUCUNG PIWURUK



-PUCUNG PIWURUK-

           
Palsapah Sunda sari-sari rahayu
Keur kasalametan
Hirup hurip anu hadé
Ku rupa-rupa marga lantaranana.

            Tata basa titi budi anu luyu
            Unggul luhung lampah
            Nu kaluar tina haté
            Tutulung nu butuh tatalang nu susah.

Ka Agama tuhu tumut kukuh pengkuh
Ahlak nu utama
Kayungyun jadi cicirén
Mikaasih ka sugri mahluk Pangéran.

            Cageur bageur bener pinter singer laku
            Tumut ka nagara
            Jajatén jampé pamaké
            Sawatara pituduh karahayuan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar